Wayang golek
nyaeta hiji seni pintonan wayang anu mangrupa boneka tina kai anu dipaenkeun ku
dalang, nu kawentar tur populer di tatar sunda. Wayang golek ieu nyaeta
kasenian anu tumuwuh di masarakat sunda ti jaman karajaan Demak, wayang golek
jadi media dina nyebarkeun agama Islam ku para Wali Songo pikeun ngajarkeun
katauhidan ka masarakat di tatar sunda. Ku sabab carita Mahabrata jeung
Ramayana ti tatar hindu harita masih keneh raket dina masarakat sunda anu masih
keneh ngagem agama Hindu jeung Buddha, para wali songo ngamodifikasi boh carita
boh lalakonna, misalna para dewa boga kawenangan anu absolute (teu bisa
diganggu gugat) pikeun nangtukeun nasib jeung takdir, mangka para wali nyieun
objek anyar anu posisina leuwih kuat nyaeta Semar.
Wayang golek
numutkeun dina sumebarna, asalna ti Cirebon ti sabelah wetan nepika wewengkon
Banten di sabelah kulon. Numutkeun ceuk C.M Pleyte, masarakat Jawa Barat geus
mikawanoh waya ti taun 1455 Saka atawa 1533 Masehi dina Prasasti Batutulis. Di
abad 16 dina naskah carita Parahyangan oge disebutkeun kecap-kecap Sang Pandawa
Ring/Kuningan.
Wayang golek teh
aya tilu rupa nyaeta wayang golek papak atawa cepak, wayang golek purwa jeung
wayang golek modern. Wayang golek papak dipikawanoh ti Cirebon ku caritera
babad ngagunakeun basa Cirebon. Wayang golek purwa nyaeta wayang golek husus
ngabawakeun carita Mahabrata jeung Ramayana ku panganteur basa sunda.
Sedengkeun wayang golek modern nyaeta wayang anu nyaritakuen carita Mahabrata jeung
Ramayana tapi disaluyukeun jeung kahirupan modern anu dirintis ku R.U.
Partasuanda jeung dikembangkeun ku Asep Sunandar Sunarya taun 1970-1980.
Wayang golek di
tatar sunda biga lalakon-lalakon anu boh galur atawa caritana dicokot tina
carita Ramayana jeung Mahabrata kalwan migunakeun basa sunda anu diiring ku
salendro, nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik,
kenong, sapasang goong, ditambahan ku kendang, gambang jeung rebab.
Ti taun 1920-an, salila
dina pamintonan wayang golek diiring ku sinden. Kajayaan sinden dina masa eta
teh leuwih dipikawanoh dibandingkeun jeung dalang wayang golekna, utamana dina
jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimah dina taun 1960-an.
Dina pintonan
wayang golek, lalakon anu ilahar dipintonkeun nyaeta lalakon carangan, dalang
wayang golek anu kawentar diantarana nyaeta Tarkim, R.U. Partasuanda, Abeng
Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asep Sunandar Sunarya, Cecep Supriadi jsb.
Mibada kana
fungsina wayang golek, kiwari leuwih dominan dipake salaku seni pintonan hiburan
rahayat anu mibada fungsi nu luyu jeung pangabutuh lingkungan masarakatna, boh
spiritual boh materilna. Hal ieu dibuktikeun dina sababaraha kagiatan masarakat
anu diramekeun ku pintonan wayang golek, diantarana hajat atawa kariaan
nyunatan jeung nikahan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Please Comment here :)